Ngajerit Maratan Langit Ngoceak Maratan jagat
Rabu, Oktober 28, 2009 | Author: DUNIA REDAKSI PIJAR PAGI
Soca abdi nu lolong....

lolong kana detik nu tos kalangkung,

lolong kana waktos nu kamari,

lolong kana waktos nu mangkukna,

lolong kana waktos nu kapungkur,


teu emut yen hayam jago geus kongkorongok...

teu uninga yen langlayung geus koneng mentereng...

Gening Peurih kana hulu hate..

milari kabagjaan nu teu karonjat..

milari cita-cita nu teu kahontal...

milari widadari nu te katoel...



teu ka aos ku simkuring pait peuheurna

nyaba milari nu teu kedah dipliari..



reureuh... reureruh tina kariweuh kahirupan..



cangcaya abdi te kiat...



aranjeuna nu keprok...

aranjeuna nu nyorakan...

kaula nu ngajerit...
ngeclak cai panon.. ragrag kana raheut...

tumiba campur jeung kesang ..

simabdi nyuhunken pitulung ka Gusti

kanggo kiatna manah abdi...


Ku: Syaiful Rachman "Sang Kuli"

This entry was posted on Rabu, Oktober 28, 2009 and is filed under . You can follow any responses to this entry through the RSS 2.0 feed. You can leave a response, or trackback from your own site.

1 komentar:

On 10 Oktober 2012 pukul 16.33 , Fajri mengatakan...

Jero pisan kang maknana! jadi kasuat suat