lolong kana detik nu tos kalangkung,
lolong kana waktos nu kamari,
lolong kana waktos nu mangkukna,
lolong kana waktos nu kapungkur,
teu emut yen hayam jago geus kongkorongok...
teu uninga yen langlayung geus koneng mentereng...
Gening Peurih kana hulu hate..
milari kabagjaan nu teu karonjat..
milari cita-cita nu teu kahontal...
milari widadari nu te katoel...
teu ka aos ku simkuring pait peuheurna
nyaba milari nu teu kedah dipliari..
reureuh...
reureruh tina kariweuh kahirupan..cangcaya abdi te kiat...
aranjeuna nu keprok...
aranjeuna nu nyorakan...
kaula nu ngajerit...
ngeclak cai panon.. ragrag kana raheut...
tumiba campur jeung kesang ..
simabdi nyuhunken pitulung ka Gusti
kanggo kiatna manah abdi...
1 komentar:
Jero pisan kang maknana! jadi kasuat suat